“Aing” dina Basa Sunda Kuna

Ku Ilham Nurwansah

(dimuat dina Manglé édisi 2641)

Basa Sunda kuna téh sanajan geus teu dipaké, tapi tapakna masih kénéh nyampak dina basa Sunda kiwari. Umumna kapanggih dina basa dialék atawa basa wewengkon, cara dina dialék Banten (Baduy), Priangan, jeung dialék Cirebon. Sakumaha anu disebutkeun ku J. Noorduyn jeung A. Teuw (Tiga Pesona Sunda Kuna, 2009), yén basa Sunda kuna téh dalit jeung kaayaan basa Sunda kiwari. Ku kituna umumna mah basa Sunda kuna téh masih kénéh bisa dipikaharti, atawa saeutikna dipikawanoh kekecapanna ku panyatur basa Sunda kiwari.

Kecap anu nepi ka kiwari masih kénéh dipikawanoh, malah mah dipaké kénéh, nyaéta rupa-rupa kecap gaganti jalma atawa pronomina (Ing. pronoun). Tina sakitu réana kecap gaganti jalma boh nu dipikawanoh dina basa Sunda sacara umum boh dina basa wewengkon téh, sababaraha kecap manahoréng kungsi dipaké dina naskah jeung prasasti Sunda kuna antara abad ka-14 nepi ka-17. Conto nu pangnembrakna, kecap gaganti “aing”.

Aing téh dipaké minangka kecap gaganti jalma kahiji tunggal. Ieu kecap mibanda wangun séjén atawa alomorf ngaing, -ing, jeung –éng. Umumna dipaké dina naskah anu ngandung paguneman kalimah langsung saperti dina Bujangga Manik (BM), Carita Prahiyangan (CP), Jati Raga (JR), Koropak 420, Séwaka Darma (SD), Ramayana (R), Sri Ajnyana (SA), Sanghyang Tatwa Ajnyana (TA), Darma Pamulih (DP), jeung Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG).

 Indung ka Anak, Anak ka Indung

Kontéks kalimah dialog Indung jeung anak nyampak dina naskah TA. Kecap aing dipaké ku ambu (indung) pikeun némbalan anakna (Sanghyang Ajnyana) anu ditandaan ku kecap anaking (anak kuring). Geura cenah, Aing né(m)balan sabda utama, anaking Sanghyang Ajnyana, pihaheun wirang walangati, aing titahan ti madia, silih na wangsana, na wangsana sarira.

Sabalikna tina naskah TA, dina BM aya bukti yén kecap aing dipaké ku anak anu ditujukeun ka indungna. Kontéksna kapanggih dina waktu tokoh Bujangga Manik bébéja ka indungna rék bubuara ka wétan. Cenah, “Ambuing, tatanghi tingal,  tarik-tarik dibuhaya.  pawekas pajeueung beungeut, kita, ambu, deung awaking, hengan sapoé ayeuna, aing dék leumpang ka wétan.” (BM)

Bapa ka Anak

Dina naskah CP kapanggih dipakéna kecap aing anu ditujukeun ku bapa ka anakna. Nya dina dialog antara Rahiyang Sanjaya minangka bapa, jeung Rahiyang Tamperan minangka anakna. Cenah gé, mojar Rahiyang Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya Rahiyang Tamperan: “Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna urang réya.”

Lanceuk ka Adi, Adi ka Lanceuk

Dialog antara adi-lanceuk aya dina naskah SA jeung KP. Di jerona tétéla kapanggih conto dipakéna kecap aing. Sanajan dua naskahna béda tapi adeganana sarua, nyaéta keur ngupahan adina anu keur sedih. Kecap aing dina naskah SA anu ditujukeun ti lanceuk ka adina, nya kapanggih dina kalimah ieu, “Adiing, ambet ka dini. Mulah ceurik nangtung dinya. Dini di lahunan aing

Ari dina naskah KP, unggel kalimahna téh kieu: “Gandéng aing nu ceurik. Étén adiing sumanger teuing?

Kecap aing ogé dipaké ku adi pikeun dialog ka lanceukna. Dina naskah SA, kapanggih kalimah anu mangrupa jawaban ti adina Sri Ajnyana nu embung ditinggalkeun ku lanceukna, nyaéta, saur Puah Aci Kembang: “Lanceuking sang Sri Ajnyana, sakatingkah aing milu. Ulah aing ditinggalkeun, sakaleumpang kundang aing, sorga papa deungeun aing, jeung kasih hamo kapalang.”

Dina naskah Kawih Pangeuyeukan kalimah anu diucapkeun ku adina Radén Jayakeling téh mangrupa jawaban kana pananya lanceukna, sangkan manéhna dipapagahan.

“Samapun palalunkeuneun, manaing ceurik janari, midangdam sabuka siang, nyangeu teu heunang ning mateun. Na mikeun dewata euyeuk, aing téh ménta dipagahan.”

Dialog Raja ka Patih

Kecap aing dipaké dina dialog antara raja ka patihna. Naskah anu ngarekam ieu katerangan nyaéta CP. Aya dua adegan dialog anu némbongkeun ieu hal. Anu kahiji nyaéta waktu Rahiyangtang Kuku nyarita ka patihna, seperti téks anu kaunggel dina ieu paguneman:

Carék Rahiyangtang Kuku: “U sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku na urang réa. Ngan ti Rahiyang Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang deung hamo ka kami, ja bogoh maéhan kulakadang baraya, ja aing ogé disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini. Mana aing mo dijaheutan ku Rahiyang Sanjaya.”

Demi nu kadua waktu Sanjaya nyarita ka patihna. Taya katerangan sabaraha umur patih ti Sanjaya téh, tapi dina dialog disebut aki sang apatih, nu kamungkinan gedé nandakeun umurna leuwih kolot. Cenah, “Sama sanak ring aing, Aki! lamun kitu ma karah. Ulah anggeus narahan aing, Aki Sang Apatih!”

Mahapandita ka Bocah (Budak/Murid)

Mangsa harita aya sistem atikan anu dipaké pikeun nerapkeun élmu, nya anu dilarapkeun ku para pandita ka para siswana. Siswa (Skr. sisya) dianggap minangka anak. Ku kituna dina téks anu némbongkeun dialog antara guru jeung siswana, ilaharna dipaké kecap anaking. Ari pandita (guru) nyebut dirina ka anak didikna téh maké kecap aing, saperti anu kaunggel dina ieu kalimah, “Utun, anaking sumanger! Cicing dara nu matingtim, reungeukeun aing pupulih, déngé panyaraman aing.”

Dialog Mahapandita & Sanghyang Sri

Geus jamak pisan dina téks Sunda kuna yén para batara ngadatangan para pandita atawa bagawan ka patapaanna. Ilaharna pikeun ménta saran atawa sawangan kana hiji perkara. Dina adegan-adegan ieu biasana dibarengan ku paguneman. Contona baé dina naskah Koropak 420. Dipakéna kecap aing téh pada-pada baé, boh ku mahapandita boh ku Sanghyang Sri (batara). Ieu di handap unggel pagunemanana.   

Saur sang Maha Pandita: “Na aing hayang sorangan, mumul rea na pretapa, aing hengan sakini, ngareungeu sora sakita.”
Saur pwah Sang Hyang Sri: “Sang Maha Pandita, ja lurusan tineung aing, aing misasat sakalih, lamun ning sakapituhwan, aing ngalebur na bumi, maka inya salin puji, dek nyangsara pwon Sang Hyang Lemah, kena lawas kageugeuleuhan.”

Diucapkeun ku Batara

Batara téh ayana dina alam abstrak. Sangkan nyampak dina kahirupan nyata, para batara téh di antarana sok disimbulkeun dina wangun paguneman. Paguneman antara batara jeung batara eueyub pisan kapanggih dina naskah JR. Upamana dina kalimah ieu di handap nu diucapkeun ku Sanghyang Aci némbongkeun sawanganna.

Ujar Sang Hyang Aci : “Aing ini Si Ijunati, Ah kena karah lain, Ka hanan Sang Hyang Hurip. Tan hana bayu sabda hdap. Muku eta leuwih teuing, Ja hurip hurip aing, tapa tapa aing, bayu bayu aing, sabda sabda aing, Hdap hadp aing.”

Conto séjén tina naskah JR ngeunaan paguneman antara batara, aya dina kalimah ieu di handap. Paguneman antara Atma Wisésa jeung Puah Lakawati.

Carékna karah sakini: “Datang sang Atma Wisésa! Sia sinarieun teuing!” 
Saur Puah Lakawati: “Kami diajar nyundukkeun. Ampés nu dudeuukanan.” 
Nyaur na Atma Wisésa: “Ampés nanggapan rahayu.”
Nanya Puah Lakawati: “Na naha suka sadéa? Mana sinarieun teuing datang  ka hareupeung aing?”
Nyaur na Atma Wisésa: “Manaing datang ka dini, ka hareupeun Lakawati, nanyakeun Poh Aci Kembang, sugan waya ka beh dini.”

Manusa jeung Batara

Dina naskah SA nyampak paguneman antara Sri Ajnyana (manusa) jeung batara atawa déwa, di antarana Déwa Laksana jeung Puah Aci Kuning. Upama ditingali tina sawangan umum mah, enya Sri Ajnyana téh manusa. Tapi upama ditingali tina peranna dina téks, tétéla lain manusa biasa, sabab bisa lalampahan ka kahiyangan. Ku kituna, dialogna téh réa antara Sri Ajnyana jeung para batara. Contona baé dina kalimah ieu di handap. Kecap aing ditujukeun ku Sri Ajnyana ka Déwa Laksana.

Cék Sri Ajnyana,  Sumanger, mulang nu tunggang! Dini calik deukeut aing. Kami sono nanya béja. Naha nu dipisadéa, mana nu datang ka dini?” Ditémbalna ku Déwa Laksana, Kami pun suruhan ngogan, titahan ti kahiangan, ngogan na sang Sri Ajnyana.

Iwal ti kecap aing, wangun séjénna nyaéta –ing bisa dipaké piligenti, gumantung kabutuhan jumlah engang téks nu umumna dalapan engang. Upamana dina kalimah ieu: “Manaing datang ka dini, nanyakeun Poh Aci Kembang, sugan waya ka beh dini.”

Sabalikna tina arah paguneman di luhur, kecap aing ogé dipaké ku batara ka manusa. Dina hal ieu upamana kapanggih dina kalimah: “Cunduk, cunduk ku ka dini! Arih calik deukeut aing. Na naha suka sadea? Mana sinarieun teuing datang ka hareupeun aing? Naha nu dipisangsaya?”

Nu Nulis Panalungtik naskah Sunda kuna

Iklan

Tentang Ilham Nurwansah

"nyiar luang tina daluang, nyiar luang ti papada urang."
Pos ini dipublikasikan di Basa Sunda, Filologia, Tulisan terbit dan tag , , . Tandai permalink.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s