Rarangkén Kecap Basa Sunda Buhun

ku Ilham Nurwansah

(dimuat dina Pasundan Nomor 4, Desember 2015)

naskah SKKL 624

RARANGKÉN kecap dina basa Sunda buhun téh can réa ditalungtik kalawan gemet. Ieu widang téh penting digarap pikeun mikanyaho kamekaran basa Sunda ti mangsa ka mangsa. Sanajan can réa, tapi sababaraha panalungtikan nu kungsi dilakukeun pikeun widang ieu kawilang penting minangka panaratas.

Taun 1990  Fatimah Djajasudarma spk. kungsi medar perkara rarangkén basa Sunda buhun téh. Ari topik nu diangkatna nyaéta dialék témporal basa Sunda buhun tina téks Carita Parahiyangan. J. Noordyun & A. Teeuw taun 2009 dina salah sahiji bahasanna ngeunaan tilu téks puisi Sunda buhun, ogé medar perkara rarangkén kecap anu kawilang gemet. Satuluyna taun 2012 Ilham Nurwansah, dina skripsina ngawuwuhan pedaran rarangkén basa Sunda buhun dumasar téks Sanghyang Siksa Kandang Karesian koropak 624.

Ieu tulisan téh dumasar kana hasil gawé simkuring tina naskah koropak 624. Kiwari naskahna aya di Perpusnas, dina kode koleksi L 624. Naskah ditulis dina daun lontar maké aksara Sunda buhun. Data rarangkén anu kapanggih téh can bisa disebut lengkep, lantaran ngan dicokot tina hiji naskah. Daptar rarangkén dina laporan Fatimah Djajasudarma spk. jeung J. Noordyun & A. Teeuw, tangtuna bisa jadi rujukan anu leuwih euyeub pikeun nilik perkara rarangkén basa Sunda buhun téh.

Ngararangkénan (Afiksasi)

Cék Paréra salah sahiji prosés nu pangumumna dina hiji basa téh afiksasi. Dina basa Sunda mah disebutna prosés ngararangkénan (ngawuwuhan rarangkén). Nurutkeun H. Kridalaksana ieu prosés téh aya lamun hiji morfém kauger diwuwukeun atawa dikantétkeun kana hiji morfém teu kauger kalawan susunan lempeng. Satuluyna Yayat Sudaryat nétélakeun yén rarangkén (afiks), nyaéta hiji wangun morfém kauger nu diwuwuhkeun kana hiji dasar dina prosés ngawangun kecap. Rarangkén mah lain akar jeung lain klitik, sarta teu mibanda harti léksikal. Harti rarangkén kakara bisa dipikanyaho sabada diwuwuhkeun kana morfém séjénna, nu mibanda harti gramatikal.

Ari prosés ngararangkénan téh nyaéta ngawuwuhan rarangkén dina hiji satuan, boh mangrupa wangun tunggal boh nu kompléks, pikeun ngawangun kecap. Ieu prosés téh ngahasilkeun kecap rundayan. Dina basa Sunda mah prosés ngararangkénan téh umumna mangrupa panambahan rarangkén kana wangun dasarna bisa di hareup, di tengah, di tukang, jeung boh di hareup jeung bisa ogé di tukang.

Rarangkén dina basa Sunda kiwari anu kapanggih téh jumlahna aya leuwih ti opat puluhna. Éta rarangkén téh dikelompokkeun kana lima wangun, nyaéta rarangkén hareup (préfiks), seselan (infiks), ahiran (sufiks), jeung gabungan (kombinasi afiks).

Sababaraha afiks anu aya dina basa Sunda kiwari saperti kapi- jeung pika- dina kecap kapiadi jeung pikabutuh, mibanda wangun anu leuwih arkaik (heubeul) dumasar data anu kapanggih tina naskah. Rarangkén kapi- jeung pika– téh dina basa Sunda kiwari mah disebutkeun minangka rarangkén hareup tunggal. Cék pamanggih simkuring, dumasar kailaharan nu kapanggih dina basa Sunda buhun  mah éta dua rarangkén téh mangrupa rarangkén kombinasi (gabungan) dua rarangkén hareup, nyaéta ka- ditambahan anu ditambahan ku rarangkén hareup  pi-, jeung pi- nu ditambahan ku rarangkén hareup ka-. 

Rarangkén nu kapanggih dumasar data dina basa Sunda buhun téh aya lima rupa, nyaéta rarangkén hareup (préfiks), rarangké tengah/seselan (infiks), rarangkén tukang (sufiks), konfiks, jeung rarangkén gabung (kombinasi afiks). Rarangkén dina basa Sunda buhun umumna bisa kénéh dipiwanoh dina basa Sunda kiwari, sanajan wangun jeung harti gramatikalna aya nu béda.

Daptar rarangkén basa Sunda buhun

Capture

Katerangan: N = nasal; Rdm = Rajékan dwimadya

Rarangkén hareup nu kapanggih dina téks aya sapuluh, nyaéta a-, di-,ka-, pa-, N-, ma-, mang-, pang-, pi- jeung sa-. Iwal ti rarangkén a-, sakumna dipaké kénéh kalawan produktif dina basa Sunda kiwari. Conto dipakéna di antarana dina kecap  awurung ‘teu burung’, dibaan ‘dibawa’, kapapas ‘pasalingsingan; papanggih’ , pahuma ‘pahuma; patani huma’, mantun ‘mintonkeun pantun, mahayu ‘jadi hadé’, mangjanma ‘nitis; jadi manusa’, panghaat ‘panghaat, kahaat’, pitutur ‘picarék, omongan’ , jeung sabumi ‘sabumi, salembur, sabuana’.

Rarangkén seselan atawa rarangkén tengah anu kapanggih aya tilu rupa, nyaéta –ar-, -in-, jeung –um-. Seselan –ar- gunana pikeun ngawangun kecap anu mibanda harti jamak. Contona dina kecap karolot ‘karolot; réa nu kolotna’. Seselan -in- mibanda fungsi pikeun ngawangun harti pagawéan pasif. Contohna dina kecap ginawé ‘digawéan’. Seselan –um- mibanda fungsi ngawangun kecap pagawéan aktif. Contona gumanti ‘ngaganti’.

Rarangkén tukang nu kapanggih dina téks téh aya tilu, nyaéta –an, -keun, jeung –eun. Rarangkén –an nuduhkeun fungsi ngawangun kecap barang. Contona dina kecap ayakan ‘alat pikeun ngayak’. Rarangkén –keun gunana pikeun ngawangun kecap pagawéan imperatif. Contona dina kecap ingetkeun ‘ingetkeun’. Ari rarangkén –eun gunanan pikeun ngawangun kecap barang anu ‘dijieun minangka; pikeun’. Contona dina kecap aroceun ‘pikeun diinum’.

Rarangkén barung atawa konfiks téh mangrupa rarangkén tunggal anu diwangun ku dua bagian anu misah. Dina data kapanggih dua rarangkén barung, nyaéta ka-an jeung pa-an. Rarangké ka-an gunana pikeun ngawangun kecap barang, nu mibanda harti ‘hal ngeunaan; tempat’. Contona aya dina kecap kaprabwan ‘hal ngeunaan prabu’. Rarangkén pa-an gunana pikeun ngawangun kecap barang, kalawan miband aharti gramatikal ‘tempat pikeun; hal pikeun’. Contona kecap patemuan ‘tempat pikeun panggih’.

Rarangkén gabung nyaéta gabungan tina sababaraha rarangkén anu mibanda harti gramatikal séwang-séwangan, kalawan diwuwukeunna bareng dina wangun dasarna. Ieu rarangkén mibanda rupa-rupa fungsi jeung harti sacara gramatikal. Dumasar data, rarangkén gabung nu kapanggih téh aya 22 rarangkén kalawan dikelompokkeun kana lima wangun, nyaéta 1) gabungan antara rarangkén hareup (di- + pi-, ka- + pi-, sa- + ka-, pa- + N-), 2) rarangkén hareup jeung tukang (di- + -keun, di- + -an, ka- + -keun,  pang- + -na, N- + -keun, pi- + -eun, N- + -keun), 3) rarangkén tengah jeung tukang ( -in- + -an), 4) rarangkén tukang jeung rarangkén tukang (-an + -eun, -keun + -eun, -keun +-na (-ana), jeung 5) kombinasi tina tilu rarangkén (ka- + -keun + -eun, sa- + pi- + -eun, sa- + pa- + -na, -an + -eun +-na, ka- + -an + -na, sa- + ka- + -na).

Gabungan rarangkén hareup contona dina kecap manurut. Kecap dasarna turut ‘turut’ diwuwuhan rarangkén hareup nasal (N-) jadi nurut ‘ngalakukeun turut; nurut’, tuluy digabungkeun jeung rarangkén hareup ma- jadi manurut ‘nurut; biluk’.  Gabungan rarangkén hareup jeung tukang contona dina kecap ngadéngékeun. Kecap dasarna déngé ‘déngé’diwuwuhan ku rarangkén hareup nga- jadi ngadéngé ‘ngalakukeun déngé; ngadéngé’, tuluy digabungkeun jeung rarangkén tukang –keun jadi ngadéngékeun ‘ngadéngékeun’. Gabungan rarangkén tengah jeung rarangkén tukang. Gabungan rarangkén tengah (seselan) jeung rarangkén tukan contona kecap sinambungan. Kecap dasarna sambung ‘sambung’ anu diwuwuhan ku seselan –in- jadi sinambung ‘disambung (pasif)’, tuluy digabungkeun jeung rarangkén tukang –an jadi sinambungan ‘disambungkeun’. Gabungan antara rarangkén tukang contona aya dina kalimah panggihkeuneun. Kecap dasarna panggih ‘panggih’ diwuwuhan ku rarangkén tukang –keun jadi panggihkeun ‘pangggihan (imperatif)’, tuluy digabung jeung rarangkén –eun jadi panggihkeuneun ‘hal anu pikeun dipanggihan’.       

Alumni Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda, SPs UPI.

 

 

Tentang Ilham Nurwansah

mencoba berfikir global, dengan bertindak lokal.
Pos ini dipublikasikan di Filologia, Tulisan terbit dan tag , , , , . Tandai permalink.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s