Karinding Kawung Cirama Girang: Warisan Karuhun di Lembur Singkur

Ku Ilham Nurwansah
(Dimuat dina majalah Cupumanik)

Tatar Sunda mibanda dua rupa karinding numutkeun kana bahan dasarna, nya éta karinding awi jeung karinding anu dijieun tina palapah kawung. Hususna pikeun karinding kawung, anu dipaké pikeun bahanna téh ilaharna kawung saéran.

Sanajan kiwari karinding awi leuwih populér ti batan karinding kawung, tapi tétéla karinding kawung téh geus leuwih heula aya dina kahirupan masarakat Sunda. Dalah di sababaraha wewengkon mah masih kénéh kapanggih masarakat anu ngamumulé ieu seni waditra buhun téh.

Karinding kawung kiwari masih bisa kapanggih di wewengkon Garut, Tasikmalaya jeung Baduy. Tapi di sagédéngeun éta tilu wewengkon téh, aya deui di wewengkon séjénna, nyatana kapanggih di hiji lembur singkur di kabupatén Cianjur.

Karinding Ciramagirang Cianjur (Dok. Ilham Nurwansah)

Karinding Ciramagirang Cianjur (Dok. Ilham Nurwansah)

Seni karinding kawung buhun ogé kapanggih di désa Cirama Girang. Perenahna di Kacamatan Cikalong Kulon Kabupatén Cianjur, méh adek jeung tapel wates Kabupatén Purwakarta. Di sabudeureun ieu wewengkon kaayaanna masih kénéh alami. Pasawahanna upluk-aplak, jeung gunung sing parentul, nu matak betah mun seug urang nyorang ka ieu patempatan. Dalah mun loba waktu mah, bisa sabari nyimpang heula ka waduk Cirata nu jarakna teu pati jauh ti ieu wewengkon.

Di ieu wewengkon, kaitung réa anu bisa maénkeun jeung nyieunan karinding téh. Kitu sotéh, sabab, pikeun masarakat Cirama Girang mah karinding geus jadi tradisi maneuh, anu diwariskeun turun tinurun ti mangsa béh dituna. Sanajan kaayaanana teu saramé kawas mangsa baheula, tapi ieu kasenian téh tétéla aya kénéh, sarta bisa hirup nepi ka mangsa ayeuna.

Masarakat Cirama Girang percaya yén ieu harta warisan karuhun téh geus aya mangpuluh-puluh taun, dalah mangratus-ratus taun ka tukang. Teu bisa dipastikeun iraha mimiti ayana ieu waditra di wewengkon Cirama Girang téh. Sanajan kitu, aya sababaraha carita anu bisa dijadikeun tapak lacak ayana karinding di ieu wewengkon. Salah sahiji carita anu mindeng dicaritakeun téh nya éta carita ngadu hayam.

Singgetna, kacaritakeun aya dua inohong karuhun di ieu wewengkon, nya éta Embah Congkrang Buana anu ngageugeuh gunung Congkrang di lebah kalér, jeung Embah Khair Panawungan anu ngageugeuh gunung Panawungan, perenahna di lebah wétan. Éta dua inohong téh ngadu kasaktian hayamna séwang-séwangan kalawan dipirig ku sora karinding jeung celempung. Nurutkeun Apih Una (76 taun) mah éta kajadian téh dina poé Jumaah tanggal 07 bulan 07 taun 1908.

Apih Una, Abah Adi jeung Pa Ukar Sukarya nya éta sababaraha urang anu masih kénéh panceg dina ngamumulé ieu seni karinding. Iwal ti maénkeun karinding téh, aranjeunna bisa nyieunnna deuih. Éta kamampuh dina maénkeun jeung nyieun karinding téh beunang turunan ti kolotna ti sababaraha generasi ka tukang. Mun nilik kana umur para inohong Cirama Girang anu kaétang geus sarepuh, bisa disebutkeun yén aranjeunna téh kaétang produktif kénéh dina nyieunan karinding kawung.

Karinding kawung nu dijieun di Cirama Girang ukuranana rada leutik ti batan karinding kawung anu dijieun di Garut. Sanajan kitu aya ogé karinding Cirama Girang anu ukuranana gedé. Ieu hal téh gumantung kana kaayaan bahan jeung kahayang nu nyieunna.

Bagian anu ngahasilkeun sora dina karinding kawung disebut buntut lisa, nya éta bagian tungtung jarum anu perenahna di antara buku deukeut gagang. Di desa Cirama Girang, jumlah jarum dina buntut lisana téh aya tilu, nya éta hiji di handap jeung dua di luhur. Ieu wangun tilu jarum téh mangrupa formula ti mangsa baheula anu geus jadi tradisi nepi ka kiwari. Iwal ti nyieun karinding anu buntut lisana tilu, warga Cirama Girang ogé sakapeung sok nyieun karinding kawung anu buntut lisana hiji.

Alatan ukuran awak jeung babandulna anu leuwih leutik, ieu karinding téh ngahasilkeun sora anu napasna leuwih pondok ti batan karinding séjénna. Pikeun maénkeunna, dipaké téhnik husus anu iramana leuwih gancang jeung dinamis. Wangun jeung téhnik maénkeun nu saperti kitu téh geus ilahar dipaké di ieu wewengkon. Ieu pisan anu jadi ciri has karinding kawung ti Cirama Girang téh.

Sababaraha téhnik maénkeun karinding anu dipaké di Cirama Girang di antarana dibetrik (huluna), ditoél (huluna), dibetot (babandulna), jeung ditakol (maké panakol). Dalah sangkan ngahasilkeun sora anu leuwih harus, sok maké résonator tambahan ku songsong awi nu diaméterna rada gedé ditapelkeun di antara baham jeung karinding. Sakapeung, abah Adi mah maké cangkir plastik pikeun résonator tambahanna téh.

Aya pangalaman anu geus jadi kacapangan yén sora karinding bisa ngusir hama (sabangsa simeut). Kitu deui di Cirama Girang. Hasil panén paré tina sawah anu sapopoéna biasa dibarengan ku sora karinding, sok leuwih alus ti batan anu henteu. Kitu téh lain ngahaja mirig sawah ku karinding, tapi pagawéan kakarindingan téh sabari nungguan sawah sabot reureuh. Can aya panalungtikeun anu leuih jero ngeunaan pangaruh sora karinding kana hama, tapi sahenteuna tina pangalaman émpiris mah kitu nyatana.

Kira-kira mimiti taun 1965-an, karinding kawung di ieu wewengkon digelarkeun pikeun pintonan umum. Pagelaran anu diyaakeun téh hasil gawé bareng sababaraha urang pamirig jeung juru kawih. Di sagédéngeun karinding, waditra séjén anu dipaké nya éta goong, goong buyung, kacapi, suling celempung, kendang awi, saron awi jeung rebab.

Lagu-lagu anu sok dipidangkeun téh rupa-rupa, tapi ilaharna mah kakawihan dina laras saléndro. Ieu alatan pangaruh musik kiliningan anu kungsi populér di Cirama Girang. Méh unggal pintonan sok dibuka ku kidung, dituluykeun ku kawih-kawih séjénna. Kawih kaulinan ogé sok dipintonkeun, kayaning lagu Oray-orayan, Cis Kacang Buncis, Bulantok jrrd.

Para inohong seni karinding di ieu wewengkon boga karep anu panceg dina ngamumulé ieu tradisi. Aranjeunna moal petot-petot miara seni karinding kawung buhun sangkan teu ilang. Iwal ti miara téh, ogé dibarengan ku ngajarkeun jeung nurunkeun kaahlianana ka para nonoman di sabudeureun wewengkonna. Cék Apih Una mah, kiwari teu ngan saukur para kokolot wungkul anu bisa maénkeun karinding téh tapi para nonomanna ogé geus bisa maénkeunna jeung geus ngarasa mibanda.

Sanajan sakapeung mah sok karasa beurat dina ngungkulan jaman modéren kiwari, tapi generasi pawaris seni karinding di désa Cirama Girang tetep nyepeng amanah para karuhunna dina ngamumulé seni karinding kawung. Cag.

[1] Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI

Tentang Ilham Nurwansah

mencoba berfikir global, dengan bertindak lokal.
Pos ini dipublikasikan di Tulisan terbit dan tag , , . Tandai permalink.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s