Unggal 12 Mulud dibukana ku Bah Ahom téh. Muka banda nu teu weléh dibuntel ku poléng leuseuh, dibeungkeut opat juru.  Diteundeun dina almari, dirékép-rékep sangkan aman. “ieu mah kitab warisan, Jang”, cenah. Ari unggal cunduk waktu keur dibuka, nyambuang kana pangambeu. Méh seungit kasturi!. Warugana jeung gedéna mah méh sarimbag jeung Qur’an. Siga nu dijieun tina kulit kai ari warnana mah. Dibuka salambar-salambar, dipuput ku kebul harupat kawung. “ari ieu téh hartina naon Bah?”, bari nunjuk kana pada mimiti kaca ka 25. “His, teu meunang ditunjuk ku curuk, pamali!”. “Ari hartina mah abah gé teu ngarti, da ieu mah tulisan luluhur urang, ti jaman béh dituna. Ngan ieu mah katitipan amanat wé ti kait siwur manéh Sujang. Kudu rumawat jeung kudu diamalkeun, cenah”.

(29-5-2012)

Iklan