Cihcir mitembeyan muka wanci nu geus ngaganti cangra poé ku peteng. Ciang-ciang silih témpas jeung kuang-kuang. Mangratus bangkong nyurakan dina galengan-galengan. Ngan ukur oncor anu maturan peteng. Petengna haté ieu. Ti jauhna, oncor-oncor patingkaretit dina galengan. ngangkleung. Nyieuhkeun cihcir, ciang-ciang, kuang-kuang jeung bangkong. Beuki deukeut beuki atra. Imut ngagelenyu tina kalangkang tiung bodas nu kasorot cahaya oncor tina leungeun kéncana. “Tétéla, keur kuring éta téh!” ceuk angen. Teu kedal kana létah anu ngadak-ngadak pigeu. Oncor beuki ngadeukeutan. Leuhh… pohara lemesna sora “puntenn..”, cenah. Dibarengan ku rérét jeung rengkuh nu ngajejegan gelenyuna. Ngan ukur kedal sakecap. “Mangga”. Mangga, pikeun liwat. Liwat dina haté kuring. Oncor beuki jauh, cahyana beuki leutik. Tuluy ilang. Baganti ku sora cihcir. Enya. Ukur cihcir.

(2-6-2012)

Iklan