Basa Sunda dina The History of Java Ceuk T. Stamford Raffles (1817)

ku Ilham Nurwansah
(Dimuat dina Majalah Pasundan No. 1, 2014)

mj-pasundan1Sir Thomas Stamford Raffles nya éta saurang bangsa Inggris anu neundeun perhatian anu pohara gedéna ka pulo Jawa. Kacintaanana ka pulo Jawa téh diwujudkeun kana wangun karya tinulis mangrupa buku. Buku Raffles anu dijudulan The History of Java mimiti medal taun 1817 dina dua volume. Volume kahiji eusina ngeunaan inti tina bukuna kalawan lengkep, ari volume kadua eusina nyaéta informasi tambahan jeung lampiran. Tarjamahanana dina basa Indonésia kakara medal dina taun 2008 ku penerbit Narasi di Yogyakarta. Ieu buku téh dianggap minangka masterpiece karya Raffles nepi ka kiwari.

Dina bukuna, Raffles ngaguar sagala widang anu dianggap penting dina hirup kumbuh jeung kamekaran pulo Jawa ti mangsa ka mangsa, hususna anu aya patalina jeung kahirupan kolonial Eropa. Ti mimiti bab sistem pulitik nepi ka bab tatanén jeung ingon-ingon diwincik dina The History of Java. Raffles nétélakeun yén di pulo Jawa téh teu dieusian ku hiji sélér wungkul, tapi aya sababaraha sélér bangsa anu nyicinganana, antarana waé Sunda, Jawa jeung Madura. Éta sélér téh boga karakter jeung kabudayaan anu has séwang-séwangan, dalah boga kaunggulan jeung kahéngkéranana dina sababaraha widang.

Ngeunaan Sunda, teu pati loba dibahas ku Raffles, tapi ditandeskeun yén urang Sunda téh leuwih dominan nyicingan wewengkon pulo Jawa béh kulon jeung punjul dina produksi kopi. Dina hiji bagian buku dilampirkeun gambar legana distrik Sunda, anu ngalingkup satengahna pulo Jawa. Pakasaban masarakatna réréana patani, jeung hirupna di dataran luhur. Dina deskripsi séjén ngeunaan urang Sunda, Raffles ogé ngabahas widang kabasaan. Ieu di handap pedaran ngeunaan kabasaan Sunda ceuk Raffles dina taun 1817 (ditarjamahkeun kana Sunda):

“basa Sunda kiwari ukur dipaké kawatesanan di wewengkon-wewengkon pagunungan. Ieu basa téh mungkin dijieun ku para pangagem Islam saméméh jeung sabada périodeu révolusi. Ieu basa téh mangrupa basa anu umum di wewengkon kulon, jeung mungkin ogé mangrupa basa pangkolotna di ieu wewengkon. Mangrupa dialék basajan anu teu maneuh, anu dipaké pikeun sagala tujuan ku masarakat pagunungan anu basajan jeung teu nyangking atikan. Ieu basa téh mungkin ogé leupas tina pangaruh panalungtik asing, ku sabab kaayaan alam éta wewengkon anu has jeung karakter anu merdéka tina sélérna. Ieu basa mibanda sababaraha porsi kekecapan Malayu anu kawilang réa, jeung sababaraha (kecap) di antarana tina basa Sangsakerta. Jeung anu pandeuri (basa Sangsakerta) téh biasana diucapkeun luyu jeung ngaran atawa istilah tina seni jeung élmu atawa kasopanan, anu mungkin diinjeum tina basa Jawa bagian wétan, anu pikeun urang-urang Sunda maké basa dalam atawa basa krama, anu sumebar beuki lega. Basa Sunda dibandingkeun jeung basa Jawa, mungkin bisa ditingali saliwat ampir sarua jeung babandingan basa Welch jeung Inggris. Proporsi jalma anu make ieu basa téh teu leuwih ti hiji per sapuluh tina sakumna populasi ieu pulo (Jawa), sésana anu salapan per sapuluh mah maké basa Jawa. (Raffles, 2008:251)”

Ieu téh mangrupa deskripsi mimiti ngeunaan basa Sunda nurutkeun pamaréntah kolonial Inggris. Ceukk Raffles, basa Sunda téh mungkin dijieun ku para pangagem Islam. Tapi nurutkeun data tina sumber-sumber naskah buhun anu ditulis samemeh abad 17 dina lontar, tambaga, gebang, jeung awi, katémbong basa Sunda (kuno) anu dipaké téh can kapangaruhan ku ageman Islam dina wangun basa Arab, malah réa kénéh kapangaruhan ku basa Sangsakerta tina ageman Hindu-Budha. Kitu deui basa Sunda anu dipaké dina prasasti Kawali nu dijieun kira-kira abad ka-14 Maséhi.

Kekecapan di saluareun kecap basa Sunda, nya éta Malayu jeung Sangsakerta anu disebutkeun ku Raffles téh mangrupa hiji sipat kajembaran basa dina nyerep jeung nginjeum istilah tina basa séjénna. Kitu ogé anu kapanggih dina naskah-naskah Sunda buhun. Réa kecap injeuman atawa serepan anu dipaké dina basa Sunda kuna, hususna basa Sangsakerta, anu mangaruhan kabasaan ngaliwatan ajaran Hindu-Buda. Nepi ka kiwari, kecap basa Sunda jumlahna bisa robah, bisa leungit alatan arang atawa teu dipaké pisan. Bisa ogé nambahan kalawan nginjeum jeung nyerep kecap tina basa asing.

Raffles nganggap yén basa krama atawa basa sopan/lemes dina basa Sunda téh mangrupa injeuman ti Jawa. Ieu anggapan téh bisa jadi muncul sabab dina taun 1800-an tatar Sunda aya dina mangsa Priangan anu dijieun ku pamaréntahan Hindia-Walanda anu mibanda hubungan politik jeung Kasultanan Mataram (Jawa). Ieu hal téh mangaruhan kana sistem budaya anu aya di wewegkon Priangan, kaasup sistem basa. Saeutik jeung gedéna, harita sistem basa Jawa geus diserep kana basa Sunda.

Ari basa sipatna dinamis, sanajan akarna mah teu robah. Basa Sunda dina jaman Priangan geus teu pati sarua jeung basa Sunda kuna dina naskah-naskah jeung prasasti. Najan kitu, harita Raffles geus boga anggapan yén basa Sunda téh minangka basa pangkolotna di wewengkon kulon pulo Jawa. Ngan, ari jumlahna panyaturna mah kawilang saeutik nyaéta shiji per sapuluh tina sakumna jumlah pangeusi pulo Jawa.

Raffles ngumpulkeun jeung ngabandingkeun leuwih ti 2.850 kecap-kecap basa Malayu, Jawa, Madura, Bali jeung Lampung dina wangun tabél (kaca 709-791). Basa Sunda diasupkeun kana subtabél wincikan basa-basa di pulo Jawa. Lengkepna mah basa anu didaftarkeun ku Raffles dina tabél babandingan téh aya dalapan basa, nya éta basa Inggris, Malayu, Jawa (jeung Jawa krama), Sunda, Madura, Sumenep, Bali jeung Lampung. Ieu tabél téh, bisa dianggap minangka “kamus” multibasa mimiti anu dijieun dina mangsa kolonial Inggris di wewengkon éks Hindia-Belanda. Ieu kamus téh disimpen dina lampiran E buku The History of Java. Data daftar babandingan kecap ti Raffles téh kawilang penting, patalina jeung sajarah kamekaran basa Sunda ti mangsa ka mangsa.

Daftar kecap basa Sunda au dijieun ku Raffles téh bisa dijadikeun salah sahiji alternatif sumber data kamekaran jeung kajembaran basa Sunda, hususna nepi ka mangsa taun 1817-an. Kecap-kecap dikelompokkeun dumasar materi anu sarua (tématik), misalna istilah musik jeung waditra (instrumén), ngaran-ngaran bulan, kaolahan jeung pakakas rumah tangga jeung sajabana. Istilah zodiak (pakumpulana-beunteung) ogé didaftarkeun, kayaning beunteung kamel (Aries), beunteung sur (Taurus), beunteung jujja (Gemini), beunteung sertan (Cancer), beunteung asad (Leo), beunteung sanblah (Virgo), beunteung merjan (Libra), beunteung kala (Scorpio), beunteung kus (Sagitarius), beunteung jadi (Capricorn), beunteung delu (Aquarius), jeung beunteung hut (Pisces). Réa istilah-istilah penting dina hirup kumbuh sapopoé lianna anu ditataan dina ieu data kandaga kecap téh.

Aya kaunikan dina cara nulis kecap basa Sunda anu didaftarkeun dina tabél Raffles. Ieu téh mungkin baé alatan samar dédéngéan Raffles sorangan, atawa bisa waé juru tulis anu ditunjuk ku Raffles pikeun ngumpulkeun data basa Sunda harita. Mungkin ogé ku sabab diluyukeun jeung éjahan dina basa Inggris. Contona baé chukang (cukang), chai-tarek (cai tarik), ang’in-gedih-naker (angin gede naker/topan), atawa mumu-chang’an (mumuncangan).

Tentang Ilham Nurwansah

mencoba berfikir global, dengan bertindak lokal.
Pos ini dipublikasikan di Tulisan terbit dan tag . Tandai permalink.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s