Karinding Buhun Baduy: Nilik Koléksi Waditra Museum Sribaduga

Ku Ilham Nurwansah[1]

(dimuat di majalah Mangle No. 2489)

mj-mangle 2489

Museum Sri Baduga minangka lembaga anu dikokolakeun ku pamaréntah Provinsi Jawa Barat, mibanda rupa-rupa koléksi anu ngawakilan banda sajarah jeung kabudayaan masarakat Sunda. Boh anu nyampak kénéh, boh nu geus punah, boh anu geus langka kapanggih dina kahirupan kiwari.

Koléksi rupa-rupa banda téh dikelompokkeun dumasar téma, di antarana aya anu témana pakakas, parabot dapur, naskah buhun (filologika), waditra jrrd. Dikumpulkeun ti mangsa ka mangsa ti rupa-rupa wewengkon salila mangpuluh-puluh taun.

Di antara banda nu jadi koléksi Museum Sribaduga kiwari téh geus aya ti awal ngadegna museum. Di antarana nyaéta dua pasang karinding Baduy. Kiwari kaasup dina kelompok koléksi waditra tradisional.

Karinding nyaéta salah sahiji waditra buhun anu geus aya mangabad-abad di tatar Sunda. Ieu waditra téh disebutkeun dina naskah Sri Ajnyana (Noorduyn & Teeuw, 2009:271), anu ditulis ku aksara Sunda buhun dina daun lontar, maké basa Sunda buhun dina wangun téks puisi:

hurung subang ti hulueun,
kacapi ti kajuaran,
kari(n)ding di pago sanding,
garingsing di pagulingan,
deung ka(m)puh pamarungkutan,
(830-835)

Naskah Sri Ajnyana teu disebutkeun taun dijieunna. Tapi dumasar kamiripan basana sacara umum jeung anu dipaké dina naskah Carita Parahyangan, Bujangga Manik, atawa dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, bisa disebutkeun yén naskah Sri Ajnyana ditulis dina sabudeureun mangsa ditulisna éta naskah-naskah anu tilu. Pikeun gambaran waktuna, naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian ditulis dina taun 1518 Maséhi atawa abad ka-16. Dumasar babandingan gaya basa tina naskah Sri Ajnyana jeung naskah séjénna, bisa dikira-kira yén karinding téh geus dipikawanoh sahenteuna ti saméméh abad ka-17, atawa bisa jadi leuwih kolot deui.

Tina katerangan ti Ibu Susi Suliwati, salah saurang patugas adminsitrasi bagian koleksi di Museum Sribaduga, karinding buhun téh mangrupa koléksi museum anu pangawalna jadi koleksi museum. Ieu karinding téh mangrupa sumbangan ti Museum Nasional Jakarta tanggal 20 April 1980.

Aya dua karinding anu dipasrahkeun téh, nyaéta anu kiwari jadi koleksi nomer invéntaris 03.1090.1 jeung 03.1501. Duanana asalna ti wewengkon Lebak, (Provinsi Banten kiwari).

Éta dua koléksi karinding téh disumbangkeun lantaran karinding mangrupa salah sahiji kabeungharan budaya Jawa Barat[2]. Jaba ti éta, ieu waditra ogé disumbangkeun lantaran Museum Sribaduga dina taun 1980 can mibanda réa koléksi. Museum Sribaduga kakara diremsiken 5 Juni 1980, sarta can rea kagiatan ngumpulkeun banda ti lapangan.

Kiwari di Museum Sribaduga aya lewih ti dalapan karinding nu jadi koleksi téh. Di antarana aya dua karinding anu asalna ti Baduy (wewengkon Lebak) jeung genep karinding séjénna dijieun antara di Sumedang jeung Bandung. Ari anu ti Sumedang jeung Bandung mah beunang jieunan anyar, bahanna tina awi.

Karinding no. inv. 03.1501
Karinding nomer invéntaris 03.1501 disimpen dina lomari kaca kelompok alat musik tradisional di lantai tilu. Iwal ti karinding, dina ieu lomari ogé dipajangkeun rupa-rupa waditra, antarana waé taléot Baduy, kacapi indung, kacapi rincik, rebab, tarompét jeung suling. Karinding diperenahkeun bareng jeung suling jeung tarompét.

Dina papan informasina, iwal ditulikseun nomer invéntaris jeung tempat asal ieu karinding téh, disebutkeun ogé katerangan umum ngeunaan bahan jeung kagunaanana.

Karinding ini biasanya dimainkan oleh muda-mudi pada waktu senggang biasanya saat menunggu padi di sawah. Terbuat dari bambu tamiang dan enau. Dibunyikan dengan diletakkan di antara bibir, kemudian pangkalnya dipukul dengan menggunakan telunjuk atau jari tengah tangan kanan.

Ieu karinding téh ukuranna panjang 12 cm, rubak 1,2 cm, jangkung 1,7 cm, dijieunna tina bahan palapah kawung. Dina papan informasi disebutkeun ogé yén bahanna téh tina awi tamiang. Anu dimaksud téh nyaéta awi anu wangunna sarupa songsong nu diréndéngkeun jeung waditra taléot. Panjangna 25 cm, diaméter 4cm.

Sabada dikonfirmasi ka Ibu Susi, tétéla aya kasalahan nyimpen dina lomari pajang téh. Ieu hal dumasar babandingan kana koléksi karinding Baduy nu aya di Museum de Ethnographie, Leiden kalawan nomer invéntaris 16-665. Fotona beunang dikirim ku Harm Linsen, salah saurang patugas museum ngaliwatan Facebook ka simkuring dina taun 2013.

Eta “songsong” téh gunana minangka tabung résonator tambahan, sangkan sora anu dihasilkeun waktu karinding dipaénkeun bisa leuwih tarik. Jaap Kunst (1949 dina Wrght, 1978), saurang étnomusikolog ti Jerman dina bukuna Music of Java kungsi ngadokuméntasikeun foto cara makéna ku urang Baduy taun 1920.

Karinding no. inv. 03.1090.1
anu kadua nyaéta nomer invéntaris 03.1090.1. Ieu koléksi téh sarua mangrupa sumbangan ti Museum Nasional dina taun 1980. Karinding nu ieu mah teu disimpen di ruang pajang, tapi di gudang koleksi di kantor anu perenahna di tukangeun Museum Sribaduga.

Dijieunna tina bahan awi, panjangna 14 cm, rubak 1,2cm. Dina tungtung gagang panyepenganana ditambahan tali sapanjang 7 cm. Jarum minangka sumber utama nu ngahasilkeun geterna sora dina ieu karinding geus leungit. Kaayaan kitu téh memang geus ti awalna kénéh waktu mimiti jadi koléksi sumbangan ti Museum Nasional.

Ieu karinding téh sapasang jeung wadahna anu dijieun tina awi tamiang, panjangna 16 cm, diameterna 3 cm. Label tina stiker bodas anu ditulisan ku nomer régistrasi koléksi dipasangkeun dina gagang karinding jeung dina wadahna, kalawan maké nomer anu sarua.

Referensi
Noorduyn, J & A. Teeuw. 2009. Tiga Pesona Sunda Kuna. Jakarta: Pustaka Jaya
Taurelle, Genevieve Dournon & John Wright. 1978. Les guimbardes du Musee de l’Homme. Paris: Institut d’Ethnologie, Paris

Catatan kaki:
[1] Mahasiswa Prodi Pendidikan Bahasa jeung Budaya Sunda, Sekolah Pascasarjana UPI.
[2] Dina taun 1980 wewengkon Lebak, Banten kaasup kana wilayah administrasi provinsi Jawa Barat.

Tentang Ilham Nurwansah

mencoba berfikir global, dengan bertindak lokal.
Pos ini dipublikasikan di Tulisan terbit dan tag , , . Tandai permalink.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s