Tatabeuhan Sunda Buhun

(Dimuat dina “Kalam” Pikiran Rakyat, tanggal 13 November 2017)

Di tatar Sunda, musik téh geus nyampak ti béh dituna sarta pangaruhna karasa kénéh nepi ka kiwari. Buktina kapaluruh tina téks-téks Sunda buhun. Sawatara naskah nu nyatetkeun waditra jeung kontéks dipakéna téh kawilang réa, antarana Séwaka Darma (SD), Kawih pangeuyeukan (KP), Sri Ajnyana (SA), Sanghyang Swawar Cinta (SSC), Sanghyang Sasana Maha Guru (SSMG), Sanghyang Tatwa Ajnyana (STA), Bujangga Manik (BM), Jati Raga (JR), Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK), jeung Carita Parahiyangan (CP).

Istilah keur nu patali jeung musik atawa waditra jaman Sunda buhun téh nyaéta tatabeuhan. Umpamana nu kapanggih dina TA disebutkeun “tatabeuhan pakeun ngawereg…”, dina JR disebutkeun “rari sada tatabeuhan”, dina CP “tatabeuhan di Galuh”, atawa dina SD kaunggel “sada tatabeuhan Jawa”.  Enya harita geus dibédakeun antara tatabeuhan Sunda jeung Jawa. Ieu kapanggih dina SD nu nyebutkeun aya “sada tatabeuhan Jawa”. Pan cék dina BM gé tétéla tapel wates Sunda jeung Jawa téh ayana di Cipamali, geura “sadatang ka tungtung Sunda, meuntasing di Cipamali, datang ka alas Jawa.”

Tatabeuhan téh asalna tina tabeuh nu hartina cék Kamus Basa Sunda Danadibrata mah kecap pagawéan nyoarakeun barang atawa rupa-rupa barang bareng nepi ka ngalagu, carana nabeuh aya ditiup, ditakol, dikését, ditepakan, ditoélan. Ari tatabeuhan mah sagala nu ditabeuh nepi ka ngalagu. Geura nepi ka kiwari gé istilah nabeuh téh angger dipaké kénéh. Seniman urang ana rék maraén téh cukup ku nyebut “rék nabeuh” cénah.

Aya istilah gending nu kapanggih dina SSKK, hartina tukang nyieun gamelan. Aya deuih kecap “hyang gending” jeung “gending narawangsa” dina JR, nu hartina gamelan karamat jeung  pirigan tarawangsa. Cék Danadibrata mah ngagending téh hartina ngagamelan atawa tatabeuhan.

Dina CP kacaten kontéks digelarkeunna tatabeuhan di jero karaton Galuh. Nyaéta basa Rahiyang Mandiminyak mulang deui ka Galu tina lalampahanana horéng “ngareungeu tatabeuhan humung gumuruh tanpa parungon, tatabeuhan di Galuh.” Ieu tatabeuhan dibarung ku nu ngigel deui, cenah gé “pulang ka Galuh teter nu ngigel.”

Naon waé atuh waditra anu dipaké tatabeuhan harita? Tétéla antarana aya 13 ngaran waditra anu kapaluruh tina naskah Sunda buhun téh. Najan teu unggal waditra disebutkeun wangun jeung cara maénkeunana kalawan écés.

Kahiji waditra abah nu disebutkeun dina KP. Sadana ku cara ditiup angin, saperti nu disebutkeun dina téks “sada abah kaanginkeun”. Hanjakal teu kapaluruh wangunna. Ieu waditra téh dibarengan deui ku dua waditra séjénna nyaéta calintuh jeung gobeng. Ieu waditra téh ukur disebutkeun tempat dipasangkeunana, nyaéta “sada calintuh di anjung, sada gobeng di réngkéng.” Cara nu disebutkeun dina SD, cénah “sada gobeng di reksa, calintuh di anjung.”

Calintuh atawa calintu nepi ka kiwari masih dipaké ku masarakat Kanékés di huma Tangtu. Dijieunna tina awi tamiang atawa buluh saleunjeur nu diliangan unggal ruasna kira-kira sagedé indung leungeun. Liangna saruas hiji, nu nyanghareup ka opat juru angin. Mun katiup ku angin gedé bakal disada ngahiung. Sakapeung kadéngéna saperti budak leutik ceurik. Sok dipasangkeun jeung kolécér deuih. Di Kasepuhan  Ciptagelar calituh téh disebut ogé sondari. Cénah sondari dipikaresep ku Nyai Sri. Di Bali nu kitu téh disebutna sunari.

Boh SD boh KP nyebutkeun yén calintuh perenahna di anjung. Anjung téh sesebutan wangunan basajan keur tunggu di huma, biasana rada luhur, disebut ogé saung ranggon. Ari gobeng duka kumaha wangunna, tapi diperenahkeunana di réngkéng atawa di reksa. Mun ditinggali tina kebiasaan masangkeun calintuh nu dibarengan kolécér di Kanékés mah, kemungkinan gedé nu dimaksud gobeng dina naskah buhun téh kolécér téa.

Aya waditra séjén nu ditiup, nyaéta kumbang. Dina KP disebutkeun “sada kumbang ta di ranjang.” Kiwari kumbang téh kapanggih kénéh di Kanékés. Wangunna sarupa suling, dijieun tina tamiang nu lebah paniupna disopak teu maké sumber (suwer). Liangna opat, niupna ka gigir kawas bangsing. Maénkeun kumbang téh bisa dibarengan ku waditra séjén, nyaéta tarawangsa, saperti cék SD, “sada kumbang tarawangsa ngeuik.” Cék SSKK, kumbang atawa nu maénkeunana téh lampahna turutaneun, cénah gé, “deung maka ilik-ilik dina turutaneun: mantri gusti kaasa-asa, bayangkara nu marek, pangalasan, juru lukis, … kumbang, gending,… aya ma satya di guna di kahulunan.”

Tuluy  aya canang nyaéta sarupa goong leutik, nu disebut bendé atawa bonang dina karawitan Sunda jeung Jawa mah. Dijieunna tina logam campuran tambaga jeung timah, nyaéta parunggu atawa gangsa, saperti disebutkeun dina SSMG, “kadyangganing gangsa lawan malam, tambaga lawan timah.” Kumaha ari sorana? Cék SA mah “sada gangsa sampéongan” cénah. Demi dina SD aya “sada gangsa tumpang kembang.” Cara nabeuhna cék STA mah “digénggangkeun.”

Dina STA mindeng disebutkeun gangsa jeung goong. Hiji sét waditra tina gangsa disebutnya “gangsa tunggal sarampasan”, nya sabanding jeung gamelan téa kiwari mah. Gambaran lengkepna kieu, “tatabeuhan pahi ageus kasangkepan, raga sarira hérang hénang, asra na omas mirah, goong ku hérang hénang, asra tambaga sukla, aduan deung omas pirak, dipapon galuga haretal, asra haremas siang, tumpak na carénang hérang heuleut-heuleutna, tatabeuhan pakeun ngawereg, na sangkuan lita goong, gangsa tunggal sarampasan…”

Dina ieu naskah kénéh najan saeutik, kagambar runtuyan maénkeunna. Kieu cénah “brenang gangsa ditabeuh pandeuri, gangsa tuluy digénggangkeun, kingkila mangkat ti kadaton nu wisésa, goong naréma sorana gangsa, goong dipipanepuh labung barung, jeung nabeuh babaanan babatakan.” Dina bagian séjénna disebutkeun “ti pandeuri na pangwereg gangsa rari, ditabeuh deungeun goong, dipipanepuh labung.” Ari nu disebut gangsa rari/lari téh simbal, ngan hanjakal waditra labung can kapaluruh kateranganana.

Ari bagbagan kacapi disebutkeun dina SD, SA, jeung KP. Dina SD kieu nu kaunggelna, “sada handaru kacapi langa” jeung dina SA “sada Handaru kacapi.” Éta dua katerangan ngagambarkeun sora kacapi nu handarua atawa awuhan sorana nu sababaraha balikan. Demi dina KP disebutkeun tempat ditabeuhna nyaéta di bumi (dunya), nya di luhureun ranjang. Kieu cénah, “sada kacapi di bumi, ditabeuh di manggung ranjang.”

Waditra karinding kapanggih dina SA, nu perenahna di enggon bareng jeung kacapi, disimpenna dina pago. Cénah gé “kacapi ti kajuaran, karinding di pago sanding, garingsing di pagulingan, deung kampuh pamurungkutan.” Tapi dina ieu naskah mah latar kasang téh di kahyangan.

Tarawangsa méméhna geus kasabit-sabit, dibarengan ku kumbang dina SD. Unggelna téh kieu, “sada kumbang tarawangsa ngeuik.” Ngeuik sorana téh, lantaran cara maénkeunana dikését saperti nu kiwari kapanggih kénéh di Rancakalong, Sumedang. Pintonanana aya dina ritual adat ngalaksa, sarta teu bisa leupas tina mitologi Déwi Sri.

Demi tarawangsa nyaéta waditra anu perenahna di dunya, saperti nu kaunggel dina JR, “yata nira nu manggih, ning bumi kmirinycing. Kumarencang, kumarenycong, riri tinu rari aci kwaswarannan, hyang gending narawangsa, kaamsuh dénéng pawana.” Mangka manéhna nu manggihan dunya ngilincring. Ramé sora tatabeuhan, dina puseur dunya nu ngilincring, kumaréncang kumaréncong, leuwih ramé batan puseur karaméan di handap, sora gamelan karamat dipirig ku tarawangsa, sumebar ku hiukna angin. (ILHAM NURWANSAH, panalungtik naskah Sunda buhun, nganjrek di Bandung).

 

 

Iklan
Dipublikasi di Tulisan terbit | Tag , , , , , | Meninggalkan komentar