Abstrak :
Di tatar Sunda, carita dina wangun prosa téh kalintang réa sumebar di masarakat nu geus jadi hiji kareueus jeung jadi bahan picaritaeun ka anak incuna. Caritaan ngeunaan jalma, sasatoan, tempat, atawa hiji kajadian sajarah umumna jadi jejer pikeun ngawangun hiji carita anu matak pikahélokeun nu ngaregepkeun. tina éta carita nu ngaregep-keun sok ngarasa kataji, ahéng, kagagas, waas, kasindir, jrrd. Nu antukna tina éta caritaan téh lain ngan saukur ngarasa kahibur, tapi leuwih ti éta meunang hiji pangalaman batin anu umpama bener-bener dilenyepan, mangka natrat dina jiwana.
Kecap Konci : folktale, dongéng, carita rahayat, cerita rakyat
Sawangan
“Sakadang kuya!” saur sakadang monyét,
“Kuk..!?” jawab sakadang kuya,
“Urang ngala céngék yu, meungpeung geus arasak!” saur sakadang monyét,
Teras Sakadang kuya ngawaler “Ah embung, da céngék mah lada jeung deuih kebonna gé nu batur”
“Sakadang Kuya!”
“Kuk”
…..
Kitu cenah enas-enasna Sakadang monyét ngagentraan sakadang kuya dina dongéng. Carita-carita saperti carita sato, jalma sakti, karajaan, jrrd. jadi batur urang nalika dipépéndé ku nu jadi indung, nganteur urang ka alam impian…
—***—
Salah sahiji bagéan tina folklore wangun lisan nyaéta carita rahayat (carita prosa rahayat), tatalépa turun tinurun anu tuluy dipibanda ku nu boga carita. umumna carita rahayat sumebar dina wangun prosa sanajan sok aya sempalan mangrupa pada anu dilagukeun. Pikeun wangun lalaguan dina carita prosa rahayat éta mah leuwih anteb diguar dina bab lagu rahayat (folksong).
Continue reading ‘Kalungguhan Carita Rahayat Sunda dina Folklor’


