Arsip pikeun katégori 'Sajak & Guguritan'

Halimun Tineung

Halimun Tineung

Cahyaning Cahya sumorot ka nu dicipta,

Halimun
nyimbutan katineung kuring jeung anjeun,
lalakon Dayang Sumbi di Bumi Siliwangi.

mangkakna sinarning alam
ngahibaran pangeusina,
sangkan misukur ka Nu Nyiptana

Halimun
lingsir ti penclut pasir harepan
némbongkeun jatining cicipta Nu Kawasa

nyelecep kana rasa,
a t r a . . . . . . . . .

Halimun
mugya salawasna mawa katingtrim
niiskeun sarwaning kahirupan .

Anging Salira nu baris rumawat
ka sakumna pangeusi dunya.
Ya Robb.

Suku Ciremai,
13 Mei 2010

Tangkuban Parahu II

Tangkuban Parahu II*
(DK)

Teu rumasa
tapi atra karasa
sono ka anjeun
duh jungjunan

Cigugur, Mei 2010

*=di kuningan aya pasir nu méh sarupa jeung gunung Tangkuban Parahu di Subang, nya dingaranana ogé Bukit (pasir) Tangkuban Parahu. Numutkeun carita lokal Kuningan, éta pasir téh masih aya hubunganana jeung legenda carita Sangkuriang.

Ciremai

Ciremai

Gurat carita ti Nagri Talaga Manggung
diimpleng, dilebah-lebah,
horéng da geus kitu kuduna,
kiwari lain bihari
lain mangsa lain pangeusi
karaton sisilih beton
tapi ngan hiji nu jadi saksi
ti bi hari tug ka kiwari
Ciremai
nyamunikeun carita
guareun seuweu siwi
Nyi Rambut Kasih

Cigugur, 13 Mei 2010

Kaca Salajengna »


Ilham on Facebook

Arsip

Grup Naskah Sunda Kuna

Naskah Sunda Kuna

nu nganjang

stats for wordpress

nu online

free counters

Ngawangkong


Follow

Get every new post delivered to your Inbox.